SEMESTER 4 - WARTA


"Naon nu dimaksud warta teh?"

1. Panganteur 

A. Pengertian Warta
Warta sok disebut ogé berita. Aya ogé anu nyebut warta berita. Warta téh mangrupa iber perkara hiji Kajadian atawa hiji hal, boh sawangan boh pamadegan, dumasar kana kanyataan. Biasana, warta tēh sok dimuat dina média citak atawa diumumkeun dina radio/TV. Ari jalma nu sok nyieunan warta, sok disebut wartawan atawa jurnalis.

B. Unsur Warta
Nulis warta mah rada bēda jeing nyieun tulisan séjénna. Ku kituna, dina warta mah kudu puguh sagala rupana, Copelna Kudu nyumponan unsur-unsur pang wangunna anu disebut 5W + 1H, nyaéta:
    
    1) Who (Saha)
    2) Why (Naha)
    3) What (Naon)
    4) When (Iraha)
    5) Where (Dimana)
    6) How (Kumaha)

C. Teknik Pengumpulan Warta

    1) Paniten (Observasi)
    2) Wawancara
    3) Riset Media

D. Ajen Warta
Dina elmu jurnalistik aya istilah "ajén warta", nyaéta nilai-nilai anu kudu dicumponan sangkan hiji kajadian atawa hiji hal bisa diangkat jadi warta Sacara umum, Kajadian anu ngandung ajên brasana ngandung sababaraha unsur, nyaéta:

    1.) Waktu (timeliness)
    2.) Aya patalina jeung kahirupan balarea (significence)
    3.) Anch (the unusual)
    4.) Konflik (Conflict)
    5.) Kajadian anu deukeut jeung nu maca (proximity) 
    6.) Hal-hal anu kasohor ku nu maca (prominence)
    7.) Hal-hal anu matak ngahelas anu maca (human interest)

E. Struktur Warta

    1) Judul (Headline)
    2) Bubuka (Lead, Intro)
    3) Waruga (Tubuh Warta, Events)
    4) Pamungkas (End)

F. Jenis Warta

    1) Straight News
    2) Depth News
    3) Live Report

2. Project Warta

A. Link Video:

B. Teks Warta jeung Iklan nu  aya dina Video

C. Analisis Teks Warta

1) Straight News
Judul: 
Viral. Nékad 2 Bocah SD ti Madura ka Jakarta Numpak Motor Tanpa Helm, Modal Nuturkeun     GPS, Bangblas Anjog Semarang.

Teks:

Pamiarsa, Teu katepi ku pikir, dua budak nekad ngayakeun lalampahan ti Sampang, Madura ngajugjug Jakarta numpak motor. Dua budak eta saukur mawa duit Rp 100 ribu jeung pakakas pikeun ningali GPS. Maraké seragam jeung oge teu maké helm. Nu jadi ahéngna, eta dua budak tiasa ngandaraan motor meuntas provinsi leuwih ti 300 Km tanpa halangan, samalah lolos nepikeun ka Semarang, Jawa Tengah. Kacida parna deui lantaran pihak kulawarga taya anu nganyahoankeun kana anu dilakukeun ku éta barudak, apal sotéh sanggeus dibéjaan pulisi ti Tengaran, Semarang. Duit anu dibawana dipaké meuli bénsin jeung kadaharan mangsa lapar dina lalampahan. Ku duit anu saayana, éta barudak téh ngirit jeung saukur meuli mie instan mangsa lapar. Mangsa diamankeun ku pulisi, budak anu inisialna D, hiji tina dua budak éta, nyaritakeun duit sakuna saukur nyésa Rp 10 rébu. Satepina di Semarang, pulisi di dinya akhirna ningali maranéhna maké motor boncéngan tanpa ngagunakeun helm. Patugas saterusna sagancangna ngamankeun éta kadua anak. Duanana dicegat ku anggahota kapulisian di wewengkon Kacamatan Tengaran, Semarang, Jawa Tengah, (Jateng), sakaligus diamankeun di Kantor Polsek. Pihak Kulawarga anu aya di Madura téh kakara nyaho kana kalakuan barudakna sanggeus ditelepon pulisi Tengaran. Ku ayana kondisi kitu, pihak kulawarga gagancangan ngajemput éta barudak anu satadina boga niat arék indit ka Jakarta.


Struktur:

1. Judul (Headline): - Dua Budak Ti Sampang Nekad Lalampahan ka Jakarta Numpak Motor, Saukur Bawa Rp 100 Ribu 2. Bubuka (Lead, Intro) - Teu katepi ku pikir, dua budak nekad ngayakeun lalampahan ti Sampang, Madura ngajugjug Jakarta numpak motor. 3. Waruga (Tubuh Warta, Events) - Dua budak eta saukur mawa duit Rp 100 ribu jeung pakakas pikeun ningali GPS. - Maraké seragam jeung oge teu maké helm. - Nu jadi ahéngna, eta dua budak tiasa ngandaraan motor meuntas provinsi leuwih ti 300 Km tanpa halangan, samalah lolos nepikeun ka Semarang, Jawa Tengah. - Kacida parna deui lantaran pihak kulawarga taya anu nganyahoankeun kana anu dilakukeun ku éta barudak, apal sotéh sanggeus dibéjaan pulisi ti Tengaran, Semarang. - Duit anu dibawana dipaké meuli bénsin jeung kadaharan mangsa lapar dina lalampahan. - Ku duit anu saayana, éta barudak téh ngirit jeung saukur meuli mie instan mangsa lapar. - Mangsa diamankeun ku pulisi, budak anu inisialna D, hiji tina dua budak éta, nyaritakeun duit sakuna saukur nyésa Rp 10 rébu. - Satepina di Semarang, pulisi di dinya akhirna ningali maranéhna maké motor boncéngan tanpa ngagunakeun helm. - Patugas saterusna sagancangna ngamankeun éta kadua anak. - Duanana dicegat ku anggahota kapulisian di wewengkon Kacamatan Tengaran, Semarang, Jawa Tengah, (Jateng), sakaligus diamankeun di Kantor Polsek. 4. Pamungkas (End) - Pihak Kulawarga anu aya di Madura téh kakara nyaho kana kalakuan barudakna sanggeus ditelepon pulisi Tengaran. - Ku ayana kondisi kitu, pihak kulawarga gagancangan ngajemput éta barudak anu satadina boga niat arék indit ka Jakarta.


Analisis 5W+1H:
1. What (Naon):
   - Dua budak nekad ngayakeun lalampahan ti Sampang, Madura ka Jakarta numpak motor.
   - Maranéhna saukur mawa duit Rp 100 ribu jeung pakakas pikeun ningali GPS.
   - Maranéhna maké seragam sakola jeung teu ngagunakeun helm.
   - Maranéhna hasil ngalalana leuwih ti 300 km sarta nepi ka Semarang, Jawa Tengah tanpa halangan.
   - Maranéhna ditangkep ku pulisi di Tengaran, Semarang, lantaran teu maké helm.

2. Who (Saha):
   - Dua budak (hiji inisialna D).
   - Kulawarga ti dua budak éta.
   - Pulisi di Tengaran, Semarang.

3. When (Iraha):
   - Dina warta teu disebatkeun waktu kajadian sacara rinci.

4. Where (Dimana):
   - Lalampahan dimimitian ti Sampang, Madura.
   - Maranéhna ngalalana ngalangkungan sababaraha propinsi sarta nepi ka Semarang, Jawa Tengah.
   - Ditangkep di Kacamatan Tengaran, Semarang, Jawa Tengah.
   - Diamankeun di Kantor Polsek Tengaran.

5. Why (Naha):
   - Alesan dua budak eta nekad ngalalana teu dijelaskeun sacara rinci dina warta. Maranéhna boga niat pikeun indit ka Jakarta.
   - Maranéhna ditangkep lantaran ngalanggar aturan lalu lintas (teu ngagunakeun helm).

6. How (Kumaha):
   - Dua budak ngalalana numpak motor kalayan duit Rp 100 ribu.
   - Duit éta dipaké pikeun meuli bénsin jeung kadaharan.
   - Maranéhna ngahémat duit kalayan saukur meuli mie instan nalika lapar.
   - Maranéhna nepi ka Semarang sarta ditangkep ku pulisi lantaran teu ngagunakeun helm.

Teknik:
Paniten jeung Wawancara

Ajen:
1. Waktu (Timeliness)
   - Warta ieu henteu nyebutkeun waktu kajadian sacara rinci, tapi tetep ngandung unsur waktu sabab nyaritakeun kajadian anyar anu nembe kaalaman ku dua budak.

2. Aya patalina jeung kahirupan balarea (Significance)
   - Warta ieu penting keur balarea sabab nunjukkeun bahaya perjalanan jauh tanpa perencanaan anu cukup, utamana keur budak anu masih leutik.

3. Anéh (The Unusual)
   - Perjalanan dua budak numpak motor ti Madura ka Jakarta saukur mawa Rp 100 ribu jeung teu maké helm mangrupa hal anu anéh jeung teu biasa.

4. Konflik (Conflict)
   - Warta ieu ngandung unsur konflik dina bentuk pelanggaran aturan lalu lintas (teu maké helm) jeung resiko anu dihadapi ku dua budak dina perjalanan anu jauh.

5. Kajadian anu deukeut jeung nu maca (Proximity)
   - Kejadianna lumangsung di Indonesia, anu ngadeukeutan ka nu maca di Indonesia, khususna di Jawa Tengah jeung Madura.

6. Hal-hal anu kasohor ku nu maca (Prominence)
   - Dina warta ieu teu aya tokoh anu kasohor, tapi kaayaan budak anu ngalalana jauh tanpa perlindungan cukup tiasa jadi hal anu dipikawanoh tur jadi perhatian.

7. Hal-hal anu matak ngahelas anu maca (Human Interest)
   - Warta ieu nyentuh unsur human interest sabab ngagambarkeun perjuangan dua budak anu berani tapi teu sadar kana bahaya perjalanan jauh, ogé kahariwang kulawarga anu teu nyaho ngeunaan kalakuan budakna nepi ka aya warta ti pulisi.

2) Depth News
Judul: 
Data Ponpes Al Zaytun diretas ku komunitas Hackers Indonesia

Teks:

Sababaraha komunitas hacker Indonesia milu campuh kana iber panyimpangan ajaran agama di Pondok Pasantrén Al Zaytun di Indramayu, Jawa Barat. Nyaeta komunitas Hacktivist Indonesia jeung Fredens of Security nu ngalakukeun penyerangan liwat dunia maya. Tina sababaraha data anu diolah VIVA Tekno dina Jumaah, tilu puluh Juni 2023, kapanggih komunitas anu ngaranna Fredens of Security ngaruntagkeun situs alzaytun.sch.id. Samalah ieu situs masih teu acan bisa dibuka nepikeun ka poé ieu. Dibébérkeun oge sababaraha data pribadi alumni ti éta ponpes. Komunitas Hacker: “Hampura Indonesia, urang lain teroris, tapi urang hayang ngabéla Islam jeung urang teu narma muslim Indonesia linglung siga kieu, urang arék terus nyerang Al Zaytun nepikeun ka manéhna sadar”. Fredens of Security ogé katangén ngabocorkeun 45.780 data registrasi Al Zaytun dina bulan Mei 2023. Data éta eusina ngaran lengkep, nomor induk kependudukan (NIK), tanggal lahir, agama, kulawargi, jeung alamat. Komunitas Hacker: “Geus cukup bukti jeung lain wungkul hiji jeung dua, tapi loba bukti mun pondok pasantrén ieu geus pantes di tutup, lantaran geus loba ajaran ajaran anu nyimpang. Jeung pamaréntah ogé ulah cicing, ulah gimir pikeun nindak. Lamun maranéh lemah jeung tandes, tuluy keur naon atuh ayana pamaréntahan ieu dibentuk,” Komunitas Hacker: “Urang teu ngabagikeun sakabéh data pangajar Al-Zaytun. Serangan ieu ngan pangwawadi (peringatan). Tapi, lamun masih aya kontroversi, urang baris ngabagikeun sakabéh data kalayan haratis,”


Struktur:

1. Judul (Headline) - Komunitas Hacker Indonesia Nyerang Situs Al Zaytun 2. Bubuka (Lead, Intro) - Sababaraha komunitas hacker Indonesia milu campuh kana iber panyimpangan ajaran agama di Pondok Pasantrén Al Zaytun di Indramayu, Jawa Barat. Nyaeta komunitas Hacktivist Indonesia jeung Fredens of Security nu ngalakukeun penyerangan liwat dunia maya. 3. Waruga (Tubuh Warta, Events) - Tina sababaraha data anu diolah VIVA Tekno dina Jumaah, tilu puluh Juni 2023, kapanggih komunitas anu ngaranna Fredens of Security ngaruntagkeun situs alzaytun.sch.id. Samalah ieu situs masih teu acan bisa dibuka nepikeun ka poé ieu. Dibébérkeun oge sababaraha data pribadi alumni ti éta ponpes. - Komunitas Hacker: “Hampura Indonesia, urang lain teroris, tapi urang hayang ngabéla Islam jeung urang teu narma muslim Indonesia linglung siga kieu, urang arék terus nyerang Al Zaytun nepikeun ka manéhna sadar”. - Fredens of Security ogé katangén ngabocorkeun 45.780 data registrasi Al Zaytun dina bulan Mei 2023. Data éta eusina ngaran lengkep, nomor induk kependudukan (NIK), tanggal lahir, agama, kulawargi, jeung alamat. - Komunitas Hacker: “Geus cukup bukti jeung lain wungkul hiji jeung dua, tapi loba bukti mun pondok pasantrén ieu geus pantes di tutup, lantaran geus loba ajaran ajaran anu nyimpang. Jeung pamaréntah ogé ulah cicing, ulah gimir pikeun nindak. Lamun maranéh lemah jeung tandes, tuluy keur naon atuh ayana pamaréntahan ieu dibentuk.” - Komunitas Hacker: “Urang teu ngabagikeun sakabéh data pangajar Al-Zaytun. Serangan ieu ngan pangwawadi (peringatan). Tapi, lamun masih aya kontroversi, urang baris ngabagikeun sakabéh data kalayan haratis.” 4. Pamungkas (End) - Warta ieu teu boga bagian pamungkas anu écés, tapi bisa disimpulkeun yen komunitas hacker éta ngabéla agama jeung ngalakukeun serangan cyber minangka peringatan ka pihak Al Zaytun jeung pamaréntah.


Analisis 5W+1H:
1. What (Naon)
   - Komunitas hacker Indonesia nyerang situs web Pondok Pesantren Al Zaytun sareng ngabocorkeun data pribadi alumni.

2. Who (Saha)
   - Komunitas Hacktivist Indonesia jeung Fredens of Security anu ngalakukeun serangan.
   - Situs web Pondok Pesantren Al Zaytun anu jadi korban serangan.
   - Pulisi jeung pamaréntah anu didesek ku hacker pikeun nyokot tindakan.

3. When (Iraha)
   - Serangan lumangsung di bulan Juni 2023, sarta bocorna data pribadi lumangsung di bulan Mei 2023.
   - Tanggal specific: Jumaah, tilu puluh Juni 2023.

4. Where (Dimana)
   - Serangan dilakukeun sacara online liwat dunia maya, khususna ngarah ka situs alzaytun.sch.id.
   - Pondok Pesantren Al Zaytun anu lokasina di Indramayu, Jawa Barat.

5. Why (Naha)
   - Komunitas hacker nyerang pikeun ngabéla agama Islam sarta ngajaga umat Muslim Indonesia tina ajaran anu dianggap nyimpang di Pondok Pesantren Al Zaytun.
   - Hacker ngaharepkeun Al Zaytun sadar jeung pamaréntah nyokot tindakan pikeun nutup pondok pesantren éta.

6. How (Kumaha)
   - Hacker ngaruntagkeun situs web alzaytun.sch.id sahingga teu bisa diakses.
   - Hacker ngabocorkeun data pribadi alumni anu ngandung informasi penting saperti ngaran lengkep, NIK, tanggal lahir, agama, kulawargi, jeung alamat.
   - Hacker ogé ngancem bakal terus nyerang sarta ngabocorkeun leuwih loba data lamun pamaréntah teu nyokot tindakan.

Teknik:
Paniten jeung Wawancara

Ajen:
1. Waktu (Timeliness)
   - Warta ieu relevan jeung kajadian anu lumangsung anyar-anyar ieu, nyaéta di bulan Juni 2023, sareng masih aya pangaruhna nepi ka poé ieu.

2. Aya patalina jeung kahirupan balarea (Significance)
   - Warta ieu penting keur balarea sabab ngabahas panyimpangan ajaran agama anu berpotensi ngaganggu kahirupan sosial jeung agama di masarakat Indonesia.

3. Anéh (The Unusual)
   - Serangan cyber ka pondok pesantren anu ngagunakeun data pribadi sareng ngalakukeun tindakan ekstrem sapertos ngarontokkeun situs web mangrupakeun hal anu teu biasa.

4. Konflik (Conflict)
   - Warta ieu jelas ngandung unsur konflik antara komunitas hacker sareng pihak Pondok Pesantren Al Zaytun, ogé desakan komunitas hacker ka pamaréntah pikeun nyokot tindakan.

5. Kajadian anu deukeut jeung nu maca (Proximity)
   - Kajadian ieu lumangsung di Indonesia, khususna di Indramayu, Jawa Barat, anu ngadeukeutan jeung nu maca di wewengkon éta jeung sakumna Indonesia.

6. Hal-hal anu kasohor ku nu maca (Prominence)
   - Pondok Pesantren Al Zaytun mangrupakeun lembaga anu geus dipikawanoh, sarta isu panyimpangan ajaran agama mangrupakeun hal anu dipikawanoh jeung dipikaresep ku masarakat luas.

7. Hal-hal anu matak ngahelas anu maca (Human Interest)
   - Warta ieu nyentuh perasaan jeung kapentingan masarakat, utamana umat Muslim, sabab nyaritakeun usaha komunitas hacker pikeun ngajaga ajaran Islam anu murni jeung ngungkabkeun hal-hal anu dianggap salah.

3) Live Report
Judul: 
Tukang Becak Meunang Lotre 1 Milyar berkat Semedi

Teks:

Shireen : "Sampurasun sadayana, patepang deui jeung simkuring Shireen Salmaa salaku reporter Merapat di live report dinten ieu. Pamiarsa ayeuna abdi atos aya di tkp bapak-bapak nu meunang 1M, langsung wae urang tanyakeun sasareungan ka bapak nu ngalaman kajadianana. Bapak, jadi kumaha pak kajadianana?" Raka: "Alhamdulillah kamari abdi meunangkeun artos hiji M" Shireen: "Saacan kajadian aya nu bapak lakukeun teu saperti biasana?" Raka: "Abdi sateuacan menangkeun artos teh bersemedi jeung puasa 7 poe 7 peuting lilana teu putus-putus" Shireen: "Ohh kitu nya pa?" Raka: "Muhun" Shireen: "Sadayana, jadi kitu kajadian nu dialaman ku bapak ieu. sim kuring shireen salmaa munggaran amit mundur tina warta ieu, warta ieu abdi tutup. Wassalamualaikum Wr.Wb.”


Struktur:

1. Judul (Headline)

Tukang Becak Meunang Lotre 1 Milyar berkat Semedi

2. Bubuka (Lead, Intro): Shireen Salmaa ngenalkeun dirina salaku reporter anu nuju ngalaporkeun live di lokasi kejadian di mana Bapak Raka meunang artos 1 Milyar.

3. Waruga (Tubuh Warta, Events):

  • Shireen nanya ka Bapak Raka ngeunaan kajadianana.
  • Bapak Raka ngajelaskeun yén anjeunna meunang artos 1 Milyar dina poé kamari.
  • Shireen nanya deui, naha aya hal anu dilakukeun ku Bapak Raka anu teu biasa saacan kajadian.
  • Bapak Raka ngajawab yén anjeunna ngalakukeun bersemedi sareng puasa 7 poé 7 peuting tanpa henti.
  • Shireen nguatkeun deui tanggapan ti Bapak Raka.

4. Pamungkas (End):

  • Shireen nyimpulkeun kajadian nu dialaman ku Bapak Raka.
  • Shireen pamit mundur tina laporan sareng nutup warta ku salam


Analisis 5W+1H:
1. What (Naon)
   - Bapak Raka meunang artos 1 Milyar.

2. Who (Saha)
   - Bapak Raka, narasumber anu meunang artos.
   - Shireen Salmaa, reporter anu ngalaporkeun kajadian.

3. When (Iraha)
   - Kajadian kasebut lumangsung kamari, saacan laporan langsung ieu.

4. Where (Dimana)
   - Laporan dilakukeun di tempat kejadian (TKP) di mana Bapak Raka nuju aya, sanajan tempat persisna teu disebatkeun.

5. Why (Naha)
   - Bapak Raka ngalakukeun bersemedi jeung puasa 7 poé 7 peuting tanpa putus, nu diyakinkeun jadi sabab anjeunna meunang artos 1 Milyar.

6. How (Kumaha)
   - Sanggeus ngalakukeun bersemedi jeung puasa 7 poé 7 peuting tanpa henti, Bapak Raka meunang artos 1 Milyar.

Teknik:
Wawancara

Ajen:
1. Waktu (Timeliness)
   - Warta ieu relevan jeung kajadian anyar, sabab dilaporkeun langsung saatos Bapak Raka meunang artos.

2. Aya patalina jeung kahirupan balarea (Significance)
   - Warta ieu penting keur balarea sabab nyaritakeun kajadian anu luar biasa sarta ngabahas prakték bersemedi jeung puasa anu mungkin jadi perhatian masarakat.

3. Anéh (The Unusual)
   - Kajadian Bapak Raka meunang artos 1 Milyar sanggeus bersemedi jeung puasa 7 poé 7 peuting mangrupikeun hal anu teu biasa sarta anéh.

4. Konflik (Conflict)
   - Dina warta ieu teu aya konflik anu jelas, tapi aya elemen skeptisisme atawa pangaruh spiritual anu bisa jadi bahan diskusi di masarakat.

5. Kajadian anu deukeut jeung nu maca (Proximity)
   - Kajadian lumangsung di lingkungan anu deukeut jeung masarakat, anu tiasa jadi perhatian balarea di sabudeureun tempat kajadian.

6. Hal-hal anu kasohor ku nu maca (Prominence)
   - Shireen Salmaa salaku reporter mungkin geus kasohor di kalangan pamiarsa, sanajan Bapak Raka bisa jadi tokoh anu biasa di kalangan lokal.

7. Hal-hal anu matak ngahelas anu maca (Human Interest)
   - Warta ieu ngandung unsur human interest sabab nyaritakeun usaha pribadi (bersemedi jeung puasa) anu berbuah hasil anu luar biasa, nu bisa mangaruhan emosi jeung minat pamiarsa.



HATUR NUHUN..

Komentar

Postingan Populer