Pematerian

 


Carpon

Carpon (Carita Pondok) nyaeta, karangan rekaan (fiksi) anu carita na pondok sarta ngan ukur nyaritaken hiji kajadian atawa peristiwa. Carpon umumna nyaritakeun hal-hal anu sifat na realistis (Kisah nyata).


Ciri - Ciri Carpon:

1. Bisa rengse dibaca dina sakali mangsa.

2. Alurna teu kompleks, Fokus ka hiji kajadian.

3. Mere kesan bener - bener kajadian.


Unsur Instrinsik Carpon:

1. Tema.

2. Palaku/Tokoh.

3. Latar.

4. Alur.

5. Amanat.


Unsur Ekstrinsik Carpon:

Nilai-nilai dina Carpon mangrupakeun Latar Belakang kahirupan Pangarang.


Teknik Nulis Carpon:

1. Tema.

2. Bahan Carita.

3. Alur.

4. Tokoh.

5. Dialog.

6. Sudut pandang.

7. Prak-prakan.


Biografi

Biografi téh asalna tina basa Inggris biography. Bio hartina hirup jeung graphy hartina catetan atawa tulisan. Tuluy éta ke cap téh diaku ku basa Indonésia, sarta éjahanana diluyukeun jadi biografi. Kiwari kecap biografi geus biasa dipaké ku urang Sunda pikeun nuduhkeun lalakon hirup hiji jalma.

Jadi, biografi téh catetan sajarah riwayat hirup hiji jalma boh nu jumeneng kénéh, boh nu geus maot. Bisa sagemblengna nga dadarkeun lalakon hirup ti mimiti lahir, riwayat atikan, préstasi atawa karya nu dihasilkeun, nepi ka maotna, bisa ogé ukur medar sabagian tina kahirupanana nudianggap penting.


Unsur Biografi:

1. Ngaran lengkep, ngaran pondok/nénéhna, jeung lalandi an/jujuluk

2. Tempat jeung tanggal lahir,

3. Dedegan jeung pasipatan.

4. Riwayat atikan jeung pagawéan.

5. Lalakon hirup nepi ka bisa sukses dina widangna.

6. Karya, préstasi, atawa hasil gawé.

7. Pikiran, gagasan, jeung sikep dina nyanghareupan kahi rupan.

8. Jalma-jalma nu dianggap penting jeung gedé jasana dina kahirupan

9. Cita-cita jeung harepan nu kahontal jeung nu can kahontal.

10. Kalangenan jeung hal-hal nu dianggap penting dina kahirupan.


Komentar

Postingan Populer