SEMESTER 4 - WAWACAN & PUPUH

A. WAWACAN

1. Pengertian Wawacan

Wawacan nyaéta salah sahiji karya sastra wangun prosa heubeul panjang nu dianggit maké patokan pupuh (17 pupuh). Ku kituna, wawacan dianggap salah sahiji carita anu didangding jeung digelarkeun dina puisi pupuh. Ku kituna, bisa dicindekkeun yén wawacan téh karangan naratif anu didangding jeung dianggit ku pupuh.

Ditilik tina wangunna, carita wawacan téh mangrupa carita anu kauger ku guru lagu, guru wilangan, sering gunta-ganti pupuh, jeung umumna paranjang. Ari maca wawacan biasana sok ditembangkeun, disebutna beluk. Ayana éta beluk biasana dipidangkeun lamun aya salametan, kariaan, atawa aya anu ngalahirkeun, jeung réa-réa deui. Maca wawacan téh sering gunta-ganti pupuh.  Ari pupuh anu sok ditembangkeun taya lian kinanti, asmarandana, sinom, jeung dangdanggula, sedengkeun pupuh nu séjén mah teu pati sering dipaké.


2. Sajarah

Ditilik tina sajarahna, gelarna wawacan téh sabada sastra sunda kapangaruhan ku sastra jawa, pangpangna Mataram. Dina abad ka-17 M, asupna wawacan ka tatar sunda téh babarengan jeung asupna basa Jawa ka wewengkon Jawa Barat, ku pangaruhna kakawasaan Mataram. Saterusna basa Jawa téh mangrupa basa resmi nu digunakeun ku pamaréntahan mangsa harita, nepikeun ka pertengahan abad ka-19. Sanggeus kitu tulisan basa Sunda téh digunakeun deui di Jawa Barat.


3. Patokan Pupuh

    1) Guru Wilangan (aturan jumlah baris jeung jumlah aksara)

    2) Guru Lagu (aturan rima akhir)


B. PUPUH

1. Pengertian Pupuh

Pupuh teh nyaeta patokan atawa aturan nu biasa digunakeun dina sawatara puisi Sunda. Puisi Sunda nu biasa ngagunakeun patokan pupuh nyaeta saperti guguritan jeung wawacan. Kusabab kitu, guguritan jeung wawacan sok disebut wangun puisi nu kaiket ku aturan, nyaeta aturan pupuh.

Aturan nu aya dina pupuh sok disebut guru wilangan jeung guru lagu. Guru wilangan nyaeta jumlah engang nu aya dina unggal padalisan pupuh. Sedengkeun guru lagu nyaeta sora engang tungtung nu aya dina unggal padalisan pupuh. Salian ti guru wilangan jeung guru lagu, unggal pupuh oge miboga watek atawa karakter anu beda-beda.


2. Sekar Ageung & Sekar Alit

Aya 17 rupa pupuh anu dikelompokkeun kana dua kelompok, nyaeta Sekar Ageung jeung Sekar Alit. Dina Sekar Ageung aya opat rupa pupuh. Sedengkeun dina Sekar Alit aya 13 rupa pupuh. Dina nepikeunnana pupuh biasa dihaleuangkeun ku ngagunakeun sawatara rupa pupuh. Kusabab kitu, pupuh sering oge sok disebut tembang.

Pupuh nu aya dina Sekar Ageung biasa dihaleuangkeun ku leuwih ti sarupa tembang. Sedengkeun pupuh nu aya dina Sekar Alit biasana dihaleuangkeun ku ngan sarupa tembang. Guguritan biasana sok ngagunakeun pupuh nu aya dina Sekar Ageung atawa Sekar Alit. Sedengkeun wawacan biasana sok ngunakeun pupuh nu aya dina Sekar Ageung wungkul.

Pupuh nu aya dina Sekar Ageung sok disebut oge pupuh KSAD. Pupuh KSAD nyaeta singgetan tina ngaran-ngaran pupuh nu aya dina pupuh Sekar Ageung, nyaeta Kinanti, Sinom, Asmarandana jeung Dangdanggula.


3. Kaidah Pupuh

No 1-4: Sekar Ageung

No 5-17: Sekar Alit





4. Contoh Pupuh

(Kinanti)

Budak leutik bisa ngapung

Babaku ngapungna peuting

Ngalayang kakalayangan

Neangan nu amis-amis

Sarupaning bungbuahan

Naon bae nu kapanggih

Ari beurang ngagarantung

Pinuh dina dahan kai

Disarada patembalan

Nu kitu naon ngaranna


Komentar

Postingan Populer