Carpon jeung Unsur Intrinsikna: Aya Naon dengan Kosim?
Aya Naon jeung si Kosim?
Cahya Sekar Kinanti Wicaksana
Poé ieu Sulastri mangkat isuk-isuk kulantaran manèhna acan ngerjakeun tugas carpon nu di bérékeun Pak Agung poè kamari. Karék satengah jalan, manèhna ningali si Kosim nu sarua rék mangkat ka sakola. Sulastri jeung Kosim èmang sasakola, sakelas deui. Kusabab jarang ngobrol, maranèhna jadi teu deuket. Teu lila aya mobil ngadeuketan si Kosim.
"Kosim awas aya mobil!" ceuk Sulastri ngagorowok.
Sedengkeun nu digorowokeun angger teu nyisi sanajan geus gogorowokan jeung diklaksonan sabaraha kali.
"Astagfirullah, apan si Kosim tèh teu tiasa ngadéngé." ceuk Sulastri sabari nèpak tarang.
Sulastri langsung buru-buru lumpat nyamperkeun si Kosim rék nyéréd lengeunna ka sisi jalan kulantaran ngahalangan mobil nu rék liwat.
"Sim lamun leumpang téh di sisi jalan geura bising katabrak ku mobil." Ceuk Sulastri ngabèjaan.
"Tiasa teu ngomongna ulah gancang-gancang teuing Sul?" ceuk Kosim.
Si Kosim emang teu tiasa ngadéngé ti saprak kelas 10 kulantaran manèhna cilaka tina mobil nu matak ngarusak saraf ceulina. Tapi, manèhna tetep tiasa komunikasi jeung batur ku cara maca gerak biwirna. Mangkana lamun ngomong gancang-gancang manèhna sok tara ngarti.
"Laamuun leeummpaang téh di sisiii jalannn geuraaa bisingg katabrak ku mobillll." ceuk Sulastri deui lalaunan.
"Oh.. kitu Sul." ceuk Kosim ungglek bari ngaléos ninggalkeun Sulastri.
"Nuhun nuhun sugan geus disalametkeun, dasar!" ceuk Sulastri bari gegejlig.
Saenggeus nepi Sulastri buru-buru ngerjakeun tugas nu can anggeus, sabab poé ayeuna tugasna kudu geus dikumpulkeun. Si Kosim gé lebet nuturkeun Sulastri ka kelas. Ningali Sulastri anu kabingungan ngerjakeun tugas, si Kosim muka kantong rék mawa buku tugasna.
"Tah." ceuk Kosim bari ngalungkeun bukuna ka meja Sulastri.
"Hahh!" Sulastri reuwas dialungan buku ku si Sulastri.
"Naooon ieeeuuu?" ceuk Sulastri bingung.
"Maaaneeèh mérèe coontèkaan?" tanya Sulastri bungah.
"Hmm...sok buru geura tulis!" ceuk Kosim.
"Alhamdulilah, nuuhunnya Simm." ceuk Sulastri bari ngusap beungeut.
Aduh, sanggeus èta si Sulastri tèh mulai ngarasa asa aya nu berbeda di jero hatina.
"Ah mereun mah, jatuh cinta?" ceuk Sulastri (bari cungar-cungir).
Teu lila Iyus jeung Dewi datang.
"Èta si Sulastri cungar-cengir kitu kunaon nya Dew?" ceuk Iyus.
"Ah si Sul atuh, ai geus resep ka batur tèh sok kitu" tembal Dewi.
"Teeettttttttttt.. teetttttttttt." bèl pulang disada.
"Alhamdulilah gusti parantos rèngsè ieu pangajaran.." ceuk Iyus.
"Enyaaaa euyy." ceuk Sulastri.
"Hayuuu ahh malik!" ceuk Dewi ka Iyus jeung Sulastri.
"Hayuu atuh!" tembal Iyus.
Di parapatan jalan, aya anak gèng motor anu keur ngadaraweung di pos ronda, ari motor na tèh di simpen di gigireunna jadi ngahalangan jalan. Basa keur si Kosim liwat teuing kumaha si Kosim teu kahaja nyenggol motorna. Tangtu nu boga motor teu narima, manèhna nyarékan si Kosim.
"Hehhh! tanggung jawab siah motor urang ngagubrag, tuh tingali!" ceuk nu boga motor ngamuk.
"Hampura...hampura teu kahaja." ceuk Kosim sabari ngahijikeun leungeunna.
"Motor mahal ieu teh nyaho, ganti rugi teu?" ancamna.
"Hampura.... hampura urang teu kahaja, beneran." ceuk Kosim bari ngacungkeun dua ramo.
"Hampura.. hampura weh gantian maneh teh." ceuk nu boga motor sabari nyekelan kerah baju si Kosim.
"Geus hajar wèh jalma ieu mah." titah na.
"Asiaap boss." ceuk salah sahiji anak buahna.
Anak buahna tuluy maraju rék nonjokan si Kosim, atuh si Kosim téh jadi sawan. Manèhna ngan bisa pasrah da nyaho manèhna anu salah.
Teu lila Dewi teh ngaliwat ka TKP. Ningali kitu Dewi bingung kumaha carana nulungan si Kosim. Dewi tuluy lumpat nyampeurkeun Kosim bari jeung sieun gé kulantaran si Kosim di koroyok.
"Bugh...bugh..bugh." kadéngé sora Kosim anu keur di tonjokan.
"Heup..heup..heup" ceuk Dewi ngagorowok rék misahkeun.
Dewi nu niatna rék nulungan malah di surungkeun nepi ka labuhna. Saking ku panik Dewi langsung ngagorowok ngénta tulung ka warga-warga pikeun misahkeun.
"Tulung... tulung!!" ceuk Dewi tarik.
Warga nu ngadéngé aya nu ménta tulung langsung kaluar imah rék ninggali aya naon ribut- ribut ngénta tulung. Ningali aya budak nu koroyok ku gèng motor, warga langsung raramèan indit rék nulungan. Ku sabab anak motor èta gé sok ngaganggu warga.
Ningali aya warga anu daratang gèng motor èta langsung kabur ninggalkeun Kosim anu geus gareuneuk. Warga tuluy ngudag gèng motor èta nepi ka beunangna.
Dewi buru-buru nyampeurkeun Kosim anu geus tèpar di jalan.
"Sim teu kunanaon?" Ceuk Dewi hariwang.
"Ahhh...." Ceuk Kosim sabari nyabak biwirna anu getihan.
"Geus weh ayeuna mah ka imah abi heula wè, urang ubaran hela eta geuneukna." Ceuk Dewi bari mantuan Kosim hudang.
"Umm, nuhun ya Dew." Ceuk Kosim.
Isukna di sakola. Iyus, Dewi jeung Sulastri diuk dina korsi bari mesen kadaharan pangresep na nyaeta seblak Bu Sri nu rasa na ngeunah kabina bina.
Sulastri, Iyus jeung Dewi ngobrol bari nungguan seblak asak. Teu elat ai ngobrol tèh sok di barengan jeung seseurian nu ngagemparkeun kantin.
Pas keur ramè na ngobrol, torojol si Kosim jeung Batur na ka kantin.
"Aduhhh hèyy tingali jodohku datang.." ceuk Sulastri bari molohok ka si Kosim.
"Dew!" si Kosim ngageroan si Dewi.
"Euy Sim!" tembal Dewi.
"Naha ih si Kosim ngan ngageroan manèh hungkul Dew?" ceuk Sulastri.
"Teuing atuh Sul.." ceuk Dewi.
Èh jol pisan si Sulastri tijalikeuh dina kantin, nu akhirna di tulungan si Kosim da keur kabeneran si Kosim liwat. Si Kosim nulungan si Sulastri.
"Aduhhh....." ceuk Sulastri nu tijalikeuh tina tangga.
"Hahahahaha" si Iyus jeung si Dewi kalah seseurian.
"Ehh ieu si Sulastri cilaka, lain mah di bantuan" ceuk Kosim.
"Duhh sugan tèh si Dewi.." ceuk Kosim dina jero hate.
"Kosimm? Bener ieu Kosimm?" ceuk Sulastri bari teu nyangka.
"Hayu Sul ka UKS." tembal Kosim saukur kitu.
"Ya Allah senangnya.." ceuk Sulastri.
"Enya maaf Sul kalah nyengseurikeun, tahh ka UKS na jeung si Kosim wèh nya." ceuk Iyus.
Sulastri tuluy di bawa ka UKS ku si Kosim. Si Sulastri ngarasa baper kusabab si Kosim nu mawa na ka UKS teh.
"Geus nya tah ku urang geus di bantuan, urang rèk ka kelas." ceuk Kosim.
"Ehhh kèlaa.." ceuk Sulastri.
"Naonnn deuiiii, geus ahh bye.." ceuk Kosim (bari ngaleos mangkat).
"Nuhunnnnnnnnnn." ceuk Sulastri (bari ngagorowok).
Geus kitu teh si Sukastri balik deui ka kelas, teu lepas ti cungar-cengir dijalan kusabab manèh na baper kènèh ku kajadian tadi tèa. Bari nyoèk-nyoèk daun, bari cungar-cengir manèh na lempang ka kelas. Pas di perjalanan Sulastri papanggih deui jeung si Kosim.
"Sim nuhunnn nya tadi heheheheh." ceuk Sulastri bari sura-seuri.
"Ok." tembal Kosim.
Sulastri, Iyus jeung Dewi caricing di hareup kelas bari ngobrolkeun kajadian tadi si Sulastri dibawa ka UKS ku si Kosim. Keur ramè-ramè na ngarobrol si Dewi teu kuat hayang pipis. Si Dewi mangkat ka cai tapi teu di anter ku si Sulastri jeung si Iyus. Da kalah ogè nolak.
"Aduh kèla nya Dewi ka cai heula teu kuat hayang pipis." ceuk Dewi.
"Hayuu atuhh di anter Dew." ceuk Sulastri.
"Entong we da sakedeung.." ceuk Dewi.
"Ok atuh moal dianter mah." ceuk Sulastri.
Si Dewi mangkat sorangan ka cai. Tapi di tengah perjalanan, si Kosim nyamperkeun si Dewi ngajak ngobrol di taman sakola. Kosim ngajak ngobrol lain sa ajak-ajak na ku lantaran Kosim rèk ngungkapkeun perasaan na ka Dewi.
"Dew, kadieu heula rèk ngobrol sakedap." ceuk Kosim.
"Ngobrol naon dit? Ngobrolkeun si Sul?"
"Henteu sanes Dew, kadieu heula." ceuk Kosim.
Dewi nyamperkeun Kosim, tuluy waè maranèhna diuk na bangku bari ngobrol. Langsung si Kosim ngungkapkeun perasaan na ka Dewi jeung ngajak jadian si Dewi.
Kusabab si Dewi Lila di cai si Sulastri inisiatif nyusul si Dewi ka cai.
"Dew, sabenerna Kosim resep ka Dewi. Dewi kumaha daek teu jadian jeung Kosim?" ceuk Kosim tanpa maneh na basa-basi.
"Hahhh, kumaha geuning make nyarios kitu?" tembal Dewi (bari reuwas).
"Bener Dew, Kosim resep ka Dewi, Kosim hoyong Dewi jadi kabogoh Kosim." ceuk si Kosim.
"Tapi Sim.. si Sul resep ka Kosim sedengkeun Sulastri tèh babaturan Dewi.."
"Nya èta mah urusan si Sulastri nu jelas mah Kosim hoyong Dewi jadi kabogoh abi." ceuk Kosim
"Tapi... abi gè resep ka Kosim. Lamun urang jadian tong di beja-beja ka si Sul nya?" ceuk Dewi.
Pas keur ngobrol jeung si Kosim, Sulastri geus aya tatadi bari susulumputan ngadèngekeun si Dewi jeung Kosim ngobrol di taman tanpa sakanyaho Kosim jeung Dewi. Manèh na syok teu nyangka bahwa Kosim resep na ka si Dewi Jeung si Dewi ogè daek jadi kabogoh si Kosim nu akhirna jadian tapi si Sul tèh ulah sampè ka nyaho. Tidinya Sul kecewa ka Dewi, nu akhirna Sulastri ngabaeudan si Dewi. Tapi si Dewi teu nyahoeun lamun si Sul tèh geus nyaho sakabèh na bahwa si Dewi daèk jadi kabogoh si Kosim jeung nyumputkeun sagala na ka Sulastri.
Sul lèos mangkat ka kelas tuluy nangkeup si Iyus bari nyaritakeun kajadian bieu. Sulastri kecèwa pisan kana kalakuan si Dewi. Teu lila si Dewi datang.
"Naha meuni lila ka cai teh, nanaonan heula Dew?" ceuk Iyus.
Si Iyus jeung Sulastri pura-pura teu nyaho kajadian nu sabenerna, jeung si Dewi ogè ngabohong ka Sul jeung Iyus.
"Teu nanaonan langsung jajan heula ka kantin.." tembal Dewi.
Tidinya Sulastri langsung èmosi ka Dewi kusabab si Dewi ngabohongan manèh na.
"Ngewa Dew tong sok ngabohong! Urang nyaho manèh balik ti cai langsung ngobrol jeung si Kosim, bahkan manèh di tembak si Kosim jeung deuih manèh daèk jadi kabogoh si Kosim! Naha beut ngabohongan sagala ka kantin, da urang gè nyaho atuh urang aya didinya ningalikeun maneh jeung si Kosim!" ceuk Sulastri bari ngegas ku lantaran manèh na emosi.
"Èta teh bener Dew? Ai maneh naha kitu pan nyaho si Sulastri teh resepeun ka si Kosim..." ceuk Iyus.
"Da kumaha atuh, abi ge resep ka si Kosim, ngan abi teu bisa ngungkapkeun na.." ceuk Dewi.
"Geus Dèw urang mah kecewa ka manèh, teu nyangka!" ceuk Sulastri bari ngalèos mangkat.
"Ehh Sul rèk kamana?" ceuk Iyus.
"Kamana wè!" ceuk Sulastri.
"Kumaha atuh si Sul jadi ngambek ka abi.." ceuk Dewi ka Iyus.
"Salah saha atuh, sok geura ayeuna kumaha?" ceuk Iyus.
"Atuhh meuni, bantuann." ceuk Dewi.
"Hmm jadi lieur kieuu.." ceuk Iyus.
Teu lila Iyus ngajak Dewi mènta hampura ka Sulastri.
"Sul.. hampura nya.." ceuk Dewi.
Sulastri cicing teu nembalan. Tapi na jero hatè mah beda deui.
"Geus ayeuna mah tong pabaeud-baeud ngewa, sok silih maafkeun weh nya." ceuk Iyus mèrè solusi.
"Enyaa Sul, Dewi salah kuduna Dewi teu kitu." ceuk Dewi.
"Tong parasèa geus SMA ngèwa hahahaha" ceuk Iyus bari seseurian mencairkan suasana.
"Hampura Sul, Dewi bakal mutuskeun si Kosim asal Sul tong kieu ka Dewi" ceuk Dewi.
Didinya Dewi mikir bahwa babaturan tèh nayeta sagalana di banding kabogoh. Teu lucu lamun kudu parasea marebutkeun kabogoh teh. Akhirna permintaan maaf si Dewi ditarima ku Sulastri, tuluy baè maranèh na jadi babaturan kos biasa deui. Maranèh na balik deui manggih kabungah saengges kajadian èta. Tisaprak kajadian èta maranèhna can pernah mikiran deui kabogoh, komo deui mikiran si Kosim. Maranèh na kiwari leuwih mikirkeun masa depan jeung cita-cita masing-masing. Nu akhirna kajadian èta jadi palajaran ka hareup na.
Masa-masa SMA mangrupakeun masa nu mangrebu-rebu ngaluarkeun sajarah, masa-masa nu èndah nu bakal jadi kenangan nu hèsè di pohokeun. Tina pangajaran, paripolah, boh jelema nu jadi sajarah di masa eta.
Unsur Intrinsik:
Galur:
Carpon abdi dibalut ku genre komedi, nyaritakeun aya 2 sahabat nu terlibat dalam cinta segitiga, nyaeta Sulastri jeung Dewi nu sami resep ka si Kosim. Ku sabab eta, Sulastri jeung Dewi teh parasea marebutkeun si Kosim. Tapi da teu lucu lamun kudu parasea marebutkeun kabogoh teh. Akhirna permintaan maaf si Dewi ditarima ku Sulastri, tuluy baè maranèh na jadi babaturan kos biasa deui. Maranèh na balik deui manggih kabungah saengges kajadian èta. Tisaprak kajadian èta maranèhna can pernah mikiran deui kabogoh, komo deui mikiran si Kosim. Maranèh na kiwari leuwih mikirkeun masa depan jeung cita-cita masing-masing. Nu akhirna kajadian èta jadi palajaran ka hareup na.
Palaku:
Palaku anu kasebut dina carita pondok abdi nyaeta Sulastri, Kosim, Dewi, Iyus, Barudak Geng Motor jeung Bu Sri.
Watek Palaku:
Sulastri budakna tèh centil pisan, Kosim nu gagabah, Dewi nu karooh, Iyus nu amis budi, jeung barudak geng motor nu bangor.
Latar Tempat:
Tempat kajadian carita eta teh di sakola, jeung jalanan.
Tema:
Persahabatan
Amanat:
Masa-masa SMA mangrupakeun masa nu mangrebu-rebu ngaluarkeun sajarah, masa-masa nu èndah nu bakal jadi kenangan nu hèsè di pohokeun. Tina pangajaran, paripolah, boh jelema nu jadi sajarah di masa eta.


Komentar
Posting Komentar